UNTUK CLOSE : KLIK LINK IKLAN DI BAWAH 1 KALI AGAR MELIHAT FULL ARTIKEL ^^


Senin, 10 Mei 2010

Puisi Dalam Bahasa Sunda | PEUTING NUZULUL QUR'AN II | Etti RS

PEUTING NUZULUL QUR'AN II
Etti R.S.

'na sela-sela jangjang peuting
kuring mipir-mipir lamping
sarta tuturubun ka unggal lulurung
nyikcrik Asih Anu Wening
nyaksrak Tresna Anu Manjang
hayang beunang sarebu bulan gumawang
lir maranehna nu tipoporose
neangan Lebak Cawene
biheung deui biheung deui
'na di mendi Yang Widi matrikeun jangji?

Bandung, Ramadhan 1995

Tidak ada komentar:

Posting Komentar